Bodoran Sunda: “Si Oon Nyaba ka Aki na”

si Oon ulin ka akina anu di lembur.ari pagawean akina teh nyaeta dukun lepus sagala panyakit pasti leungit.kaceluk pisan kamashur kakoncara kamana2..so’alna tara menta syarat atawa buruhan aneh2..cukup udud keretek jeung coklat silverquin kabeukina teh.

si Oon:”geuning keur sepi pasen teh ki..?”
aki :”heu euh jalu..kabeneran yeuh bisa ngobrol jeung ilaing ”
si Oon :”uing mah ngobrolna hayang bara ngopi kacang anu dina keler itu ki..”
aki :”kop kadinyah cokot ku sorangan we da lain semah..!”

teu karasa bari ngobrolmah kacang teh ampir beak satengah keler.. maklum ngobrol bari dibarengan lapar tea atuh.

aki :”beakeun kadinyah..!aki mah geus teu kuat ngadahar nu kitu..geus beak huntuna..”
si Oon :”aduh geuningan meni ku ngeunah kacang teh ki..”
aki :”puguh we jalu da eta mah kacang mede tea”
si Oon :”aki mah ku ngareunah kadaharanna teh ..pasti hargana mahal nya?”
aki :”teu sing mahal jalu.!etamah pedah we aki geus teu kuat ngadaharna”
si Oon :”teu kuat kumaha ki ?”
aki :”heu euh..mun tiap ngadahar coklat oge kacangna mah ukur bisa di galemohan wungkul ..daripada dipiceun mah digundukkeun we dina keler pan teu mubazir heu euh ?”
si Oon :”oooooooooooooo”

Bodoran sunda ieu disadur ti Group Facebook si Tayo

0 thoughts on “Bodoran Sunda: “Si Oon Nyaba ka Aki na””

  1. hahaha… senang hati ini bisa kembali menemukan “Bodoran Sunda”

    ===================***==================
    hehe.. hatur nuhun parantos dibaca..
    hatur nuhun oge parantos dongkap ka rorompok..
    salam sayang dari bandung.. πŸ˜€

    Reply
  2. Kang Onnay asli Bandung, ya?

    ===================***==================
    hehe..made in bandung tulen…
    ari akan ti mana??? πŸ˜€
    salam sayang dari bandung.. πŸ˜€

    Reply
  3. ueks! karunya pisan si oon….nuangan tilas kolomohan si aki

    ===================***==================
    hahaha… meni di kolomoh pisan!!!
    wakakaakaka.. [seuri bari kokosehan.. :P]
    salam sayang dari bandung.. πŸ˜€

    Reply
  4. Hahahahahahahha……….sok atuh ngadongeng deui kang…!!!

    ========***=========
    hehe… sok atuh ti akangeun ayeuna mah.. πŸ™‚

    Reply

Leave a Comment