Bodoran sunda: “Si Tayo Budak Cadel”

Dina hiji mangsa hiji bapak keur jalan-jalan ka pameran Otomotif jeung budakna nu ngarana Tayo kakara umur 2 tahun. Pas lebah stan motor si Tayo ngenyang baju bapana bari pok….
Tayo : “Bapa Tayo oyong motoy”
Bapana : “Engke kasep mun tos ageung….”
Tayo : “Aim…. oyong motoy ayeuna….!”
Bapana : “Eh Tayo mah moal tiasa atuh ayeuna mah….”
Tayo (Bari ceurik) : “Bapa uma’a atu…. da Tayo oyong motoy ayeuna…..”
Bapana : “Tayo mah sok maksa ceuk bapa ge engke tos ageung…. tos tong nangis yu kubapa di panggul…”
Terus bapana ngais si Tayo bari ditaekeun kana taktakna…. teu rada lila pelenghir aya nu bau.
Bapana : “Har gening Tayo téh ‘e…’e…”
Tayo : “Mu’un cauy Tayo ge oyong motoy….”
Bapana : (Bangun keuheul) “Euh…. sanes motor atus… mos..dol meurureun..?”
Tayo : (bangun teu boga dosa) “Mu’un motoy…….”
Bapana gura-giru neangan Toilet…..

Atuy nu’un…..

sumber: http://www.facebook.com/topic.php?uid=63569741980&topic=9292

0 thoughts on “Bodoran sunda: “Si Tayo Budak Cadel””

Leave a Comment