Si Tayo dagang Nasi Goreng

Kacararitakeun hiji mangsa si tayo teh jd tukang dagang nasi goreng di Terminal Antapani Bandung…,Ngarana ge terminal Biasana sok loba tukang ojek nu mangkal…,Singkat carita aya salah sahiji tukang ojek nu lapareun (Da geus peuting) mampir ka warung nasi goreng na si tayo….Terjadilah dialog antara tukang ojek jeung si tayo…,

Dialog na kieu :

Tukang ojek : Mang ari nasi goreng sapiring na sabaraha????
Mang tayo : Ah biasa we standar 7 rebu
Tukang Ojek :Ah, mahal2 teuing biasa na ge ngan 5 rebu !!!
Mang tayo : Atuh da ayena mah harga2 ge geus naek atuh!!!
Tukang ojek : Nya nggeus atuh urg mah meulina 5 rebueun we
Mang tayo : Atuh 5 rebueun mah teu make endog,
lamun 7 rebeun kerek make endog…
Tukang ojek : Nya nggeus bae teu make endog ge teu nanaon…

Akhir na si tukang ojek teh dahar we nasi goreng mang tayo tapi teu make endong tea da meulina ngan 5 rebueun…

Kaisukan poe na si tayo teh karek balik ti pasar (Da ngarana tukang nasi goreng mah pati sok balanja ka pasar jang meuli bahan2 keur dagang engke peuting) tah sabalikna ti pasar teh si tayo bingung rek balik ka imah na make naon,da geus ngadagoan angkot tapi teu kungsi datang wae eta angkot teh,Akhir na si tayo mutuskeun jang balik ka imah na make ojek..,Satepina na pangkalan ojek teh si tayo papangih jeung tukang ojek nu tadi peuting meuli nasi goreng na si tayo…,Tuluy teu lila teh si tukang ojek teh ngageroan si tayo..

Tukang ojek : Bade naek ojek mang???
Mang tayo : Enya abdi bade uih yeuh
Tukang ojek : Hayu atuh sareng abdi we
Mang tayo : Ari naek ojek ka bumi abdi sabaraha ongkos na???
Tukang ojek : Di mana kitu bumi na???
Mang tayo : Eta caket di Cicaheum
Tukang Ojek : Ka Cicaheum mah 7 rebu we
Mang tayo : Ah biasa na ge ngan 5 rebu
Tukang ojek : Atuh ayena mah bensin na ge geus naek atuh
Mang tayo : Atos lah 5 rebu we nya
Tukang ojek : Nya sok lah teu nanaon

Akhir na si tayo teh naek ojek we jeung si tukang ojek eta…,Nah salila di perjalanan rek ka imah na si tayo si tukang ojek teh ngebut wae mawa motor na,atuh si tayo jd sieun da bisi cilaka…,terus si tayo teh nyarekan ka eta tukang ojek….

Mang tayo : Mang ulah ngebut2 teuing atuh ari mawa motor teh bisi cilaka!!!!
Tukang ojek : Ah kalem we atuh da abdi mah tos pangalaman
Mang tayo : Eh,ari geus cilaka mah da lain sulap atuh!!!
Mang awas eta di hareup aya susukan!!!!,Rem atuh mang!!!!
Ulah di gas wae bisi abus kana susukan!!!!!
Tukang ojek : Euh atuh,ojek ngan mayar 5 rebu hayang make rem sagala!!!,
Mayar ngan 5 rebu mah teu make rem!!!!!
Mun mayar na 7 rebu karek make rem!!!

sumber: http://www.facebook.com/topic.php?uid=63569741980&topic=10027

0 thoughts on “Si Tayo dagang Nasi Goreng”

  1. alus lah!!
    ngke mun urang bade meser baso ka mang toya (ngaran tukang baso)

    sicantik: mang,bade meser baso,,sabarahaeun?
    mang toya: tujuh rebu neng..bade?
    sicantik: aduh..abi teu gaduh artos leuwih. ngan lima rebu..tiasa meser lima rebu?
    mang toya: oh..tiasa…

    si mang toya ngubek2 grobak baso nyiapkeun basona…

    mang toya: ieu neng,mangga..
    sicantik: lho!!mang,naha kieu!! [sicantik bingung bari gagaro jempol..
    mang toya: nya neng,upami meser lima rebu-eun mah dapet baso teu make mangkok…

    Reply
  2. pasti eta ojeg pelat nomerna……..46 šŸ™‚ šŸ™‚ šŸ™‚
    karunya Neng DITA mah, teu ngarti tapi bisa haha….. tidak konsisten eta teh Neng. salam ti Aa šŸ™‚

    Reply
  3. mang tayo ari keur ngaladangan baso teh tong bari chatting bisi ti cemplung hendpunna kana ringkok… hihiii.. piss mang

    Reply

Leave a Comment